Arsip untuk September 23rd, 2007

h1

Nara Sumber

September 23, 2007

Nincak bulan puasa, heabna hawa geus karasa. Awak teh ujug-ujug lalungse, tur hoream mamangkatan. Lamun teu dipaksakeun mah, kawasna ti isuk nepi ka sore teh ngaguher bae. Manjing puasa, ampir kabeh jalma, sigana kana kancad-kancid teh mingkin ngurangan. Lengkah suku oge teu pati tanginas teuing. Samemehna resep ber ka ditu, ber ka dieu nyiar tulisan mimiti ngorotan.

Nu matak teu aneh mimiti puasa kahayangna, ti beurang ngahep-hep bae di enggon nungguan waktu maghrib. Ngan edas, peutingna panon teu bisa dipeureumkeun. Nya keur kuring mah melekan teh geus tuman. Dina poe-poe biasa asup ka enggon teh wanci janari. Ngan hudangna mah angger jam 7-han. Lantaran aya pagawean matuh, “ngojeg” tea.

Ari bulan puasa mah, di suruh ngojeg teh, cukup ku “Jung bae mangkat ti heula naek angkot, tunduh keneh.” Sapoe dua poe mah, hudang teh dur maghrib-dur maghrib bae. Atuh puasa teh cacap, da keur sare mah teu inget kana beuteung nu pupurilitan. Nincak tilu, opat poe asa kesel sare bae teh. Antukna kokoloyongan, bari jeung sirah asa lalanjung oge.

Kokoloyongan oge asa teu genah, uteuk hese diajak damina. Kalan-kalan nu ngajak ngawangkong sok ditembalan sabulangbentor. Atuh jadi bahan ngabojeg ku babaturan. Geus rada tuman, puasa uteuk mimiti caang. Atuda, teu ngeunah asa jadi robot pisan. Ka ditu-ka dieu teu mamawa pipikiran. Sigana lamun aya nu “nyulik” kawas kajadian nu rame sababaraha waktu ka tukang teu burung hasil.

Tapi ketang, nu nyulikna oge mikir sarebu kali sabab naon nu diarahna? Dina menta tebusanana oge, saha nu baris ngaladenan? Manasina, kuring teh budak bolon anak jalma jugala. Dina ayana oge, apan nu nyulik teh tara jalma atah-atah, sok presiden. Menteri atawa anak raja. Apan dina film-film kaluaran Holiwood mah kitu, dina budak leutikna oge tara hiji dua tapi sabeuseun.

Jeung deui, nu nyulik di nagri deungeun mah puguh tujuanana. Aya nu menta suaka pulitik, atawa menta dibebaskeun babaturanana nu ditahan bari jeung teu kacaturkeun bule hideungna. Pon kitu deui nu make ngaran agama, atawa kolompok organisasi “bawah tanah” nu hayang ngamerdikakeun daerahna. Di urang oge aya nu kitu mah, kawas organisasi Papua Merdeka jeung RMS.

Apan samemeh Aceh jadi otonomi husus oge, apan rea kacaritakeunana. Boh aktifis nu aya di luar negeri atawa bajuang di daerahna. Hal eta teu beda jauh jeung perjuangan kaom Moro di Pilipina. Aung San Suu Kyi, tokoh prodemokrasi di Myanmar anu ditahan saendeng-endeng. Kitu deui Pangeran Norodoum Sihanaouk, dipaksa kudu bubuara ka nagri Tirey Bambu.

Ari di urang mah apan teu puguh tujuanana, nu nyulik teh. Cenah kabejakeun si A di culik dijadikeun andar-andar. Purah ngamen di kareta api, lampu stopan atawa di terminal. Jaba nu diculikna lain anak jalma jugala, sarua kerena. Ngan ukur nyiar kauntungan sahariateun bari jeung teu gede. Bener ceuk Soekarno (Presiden RI munggaran), bangsa urang mah bangsa mental tempe.

Eh, ngaleok teh jauh-jauh teuing. Mulang deui kana maksud judul tulisan nyaeta nara sumber. Tah, ti saur keneh kuring geus kutrat-kotret. Ceuk basa legegna mah nyieun konsep wawancara. Jeung tema nu baris dikembangkeun di lapangan, sabab sok aya bae informasi anyar. Beres kutrat-kotret, tuluy ngahuleng. Karek inget, nara sumber mangsa puasa mah rada hese dipanggihanana.

Komo mun pagaweanana tani, dalah pajabat oge teu sirikna beak ku ngahuleng jeung kesel nungguanana. Nyamper nara sumber teh naha isuk-isuk, pabeubeurang atawa pasosore? Pamustunganana kumaha behna. Tapi rek disampeur isuk-isuk, niatna neundeun jangji heula boh ka pamajikanana, anakna atawa tatanggana.

Isukna, teu talangke deui gancang muru imahna nara sumber. Barang srog katangen simpe keneh. Dina pipikiran, wah kawasna tacan lunta. Uluk salam sababaraha kali, tapi euweuh jawaban bae. Asa panasaran, panto teh diketrokan deui. Angger taya nu ngawalon. Ujug-ujug ti pipir imah, aya nu ngurunyung, awewe tengah tuwuh. Inyana nyarita, “Abah mah geus ka kebon ti subuh keneh,” pokna.

Geus kitu mah kuring nitip caritaan, pasosore baris nyamper deui. Inyana ngaenyakeun. Kuring biur deui mangkat, nyiar nara sumber sejena nu masih keneh aya pakuat-pakaitna jeung tema tulisan. Isuk eta mah nyamos, nara sumber teh teu kasampak. Tamba kesel, ngadon idek liher di gedong DPRD. Susuganan aya nu haat mere beja munel keur bahan tulisan sejena.

Ngan edas, ti isuk nepi ka beurang taya beja sapotong-potong acan. Nu karasa teh, beuteung ngusial jeung baham karasa pararait. Teu biasa dianggurkeun meureun, sabab biasana teu leupas melenyun kawas kareta api. Antukna, clak deui kana motor kukuringan mapay-mapay jalan desa bari ngalamun. Susuganan deui, papanggihan nu aneh. 

Waktu, dibawa ider-ideran mah teu karasa nyerelekna. Panon poe geus tebeh kulon. Gura-giru, muru nara sumber nu geus diajamkeun ti janari keneh. Teu kungsi lila nepi ka nu dijugjug. Karek oge nyetandar motor, torojol teh awewe nu isuk kapanggih. Sigana mah pamajikanana, da ka luarna ti panto hareup. “Antosan sakedap, Abahna nuju netepan,” pokna.

Kuring diuk di tepas imah, dihiap-hiap ku nu boga imah oge rada kaleked. Basana teh, ngarasakeun angin nu ngahiliwir. Bari nyarande kana tihang, bari ngararasakeun lungse tas kukurilingan. Sababaraha kali heuay. Dina ensiklopedi pangaweuruh umum, cenah mun heuay teh, uteuk keur kakurangan oksigen. Kuring mukaan notes, bari heuay terus merelek.

Teu katangen tianggalna, si Abah ujug-ujug aya hareupeun bari nyerengeh. Geus kitu mah der bae ngawangkong ka ditu-ka dieu sagala dicaritakeun. Rada lila ngawangkong teh, leok bae kana tujuan mimiti rek nanyakeun pasualan nu rek di tulis. Si Abah mani haget pisan. Berele, kamandangna ditumplekeun. Nyatet oge rada ripuh, sabab anjeuna kawas teu mere dangka jang nyeunghap.

Pamajikan si Abah, ka luar bari nanggeuy baki dieusi ku cai kopi, goreng ulen jeung kulub cau saba. Goreng ulen seungitna mani melenghir. Ceuk pipikiran, naha si Ema ngaluarkeun lalawuh, apan kuring teh keur puasa? Ana pokna teh, samenit deui oge maghrib. Memang teu kungsi lila, ngong teh sora adan ti masjid, teu talangke cai kopi teh diarot.

Jeletot, caina karasa panas kana biwir. Bakating ku reuwas cai kopi kageubigkeun, nyeblok kana harigu. Ceuleukeuteuk teh aya sora nu nyengseurikeun. Kuring ti buburanjat hudang. “Punten bae, si Abahna tos netepan teh tuluy bae leleson. Di hudangkeun oge teu daek hudang. Enjing deui atuh ka dieuna,” ceuk si Ema. Kuring molohok, ari tadi kuring tas ngawawancara. Naha ayeuna si Ema nyarita kitu? Kasarean kitu?***