Arsip untuk Oktober, 2007

h1

Cinta Kaum Marjinal

Oktober 26, 2007

Episode pembubaran dua hati yang saling bertautan sama dengan kita kehilangan jantung atau bagian tubuh yang paling berharga. Ketika cinta saling bertautan, kehidupan pun terasa utuh sempurna. Kembang-kembang penuh warna-warni memenuhi isi kepala dan hati. Ruang imajinasi pun kerap tumbuh dengan harapan serba indah. Perbincangan di kepala semakin seru.

Perbincangan dengan imajinasi merupakan langkah ideal disaat terjebak dalam kesendirian. Atau setidak-tidaknya saat hendak tidur. Komunikasi antara hati dengan bayang-bayang kerap menjadi utopia. Bagaimana kita bercakap-cakap dengan cinta karena terbuai oleh bibir ranumnya, jeling matanya, tutur katanya. Bahkan seluruh fisik perempuan atau lelaki betapa indah dalam angan-angan.

Begitu pun dengan aku, ketika jatuh cinta pada seorang perempuan. Setiap menjelang tidur atau didera sepi maha panjang. Sahabat yang paling setia adalah bayang-bayang perempuan yang dijatuhicinta. Terlepas si perempuan ingat atau tidak sama aku, tapi bayangannya tidak lekang dari kelopak mata.

Terlepas apakah si perempuan menyintai atau tidak, tapi kita tidak bisa melepaskannya dalam keindahan. Baik keindahan seksual maupun dialog yang meninabobokan gelisah tidak bertepi. Meski kenyataannya ketika berhadapan, selalu menerima “wajah penyok” atau bibir manyun. Toh ketika dalam kesendirian ia tetap indah.***

h1

Kenanga, Sang Gadis Lugu Itu Diperkosa

Oktober 26, 2007

SEORANG gadis di Cimahi, sebut saja Kenanga (15), diperkosa remaja tanggung berinisial AA (16) di salah satu rumah kosong, Kp. Cibaligo Kel. Cibeureum Kec. Cimahi Selatan Kota Cimahi. Pelaku terlebih dahulu mencekoki korban dengan minuman keras. Kini, pelaku sudah di tahanan Mapolres Kota Cimahi.

Peristiwa itu terjadi Selasa (16/10) petang. Tersangka mengajak korban bertemu di salah satu rumah kosong. Tak menaruh curiga, korban menerima ajakan itu. “Keduanya memang sudah saling kenal,” ujar Kepala Satuan Reserse Kriminal, AKP Arif Fajarudin, S.H., S.I.K., mewakili Kapolres Kota Cimahi, Kamis (25/10).

 

**

 

RUPANYA, tersangka sudah menyiapkan satu muslihat. Sudah lama ia memendam asmara terhadap korban. Namun, cintanya bertepuk sebelah tangan. “Di rumah kosong itu, tersangka menyuguhkan segelas minuman keras. Korban yang masih polos menenggak minuman itu,” katanya.

 

Karuan saja, korban teler. Pucuk dicinta ulam tiba. Tersangka melaksanakan aksi yang direncanakannya. Semula, ia mencumbu lalu memperkosanya. Dalam keadaan belum sepenuhnya sadar, korban diantarkan pulang.

 

”Keluarga melihat perubahan perilaku korban. Semula, korban enggan bicara. Tapi, setelah dipaksa, barulah korban membeberkan peristiwa itu. Tiga hari kemudian, kejadian itu baru dilaporkan ke polisi,” ucap Arif.

 

Berdasarkan laporan itu, polisi mencokok tersangka dengan tuduhan pemerkosaan atau perbuatan cabul terhadap anak di bawah umur. Tersangka mengakui segala perbuatannya. ”Kami menjeratkan Pasal 82 UU No. 23/2002 tentang perlindungan anak dan Pasal 286 juncto Pasal 290 KUH-Pidana. Ancaman hukumannya mencapai 15 tahun penjara,” kata Arif Fajarudin.(Hazmirullah/”PR”)***

h1

Naha hirup urang geus bebas?

Oktober 15, 2007

Dina hiji padungdengan di Pos Garduh, salah sahiji warga nanya ka nu nulis kabeneren peuting harita miluan ngariung. Bari ngasur-ngasurkeun suluh kana durukan keur nyieuhkeun hawa tiris ditambahan meuleum sampeu meunang nyabut ti pipir imah. Pananyana mah teu pira ngan hese dijawabna, “naha hirup urang geus bebas?” Galura ngahuleng sakedepan, pananya eta asa pernah diungkapkeun dina sajak WS. Rendra anu judulna Do’a Orang-orang Raskasbitung.

Sarua pananya eta teu bisa dijawab sagembelengna, ras inget deui keur jaman sakola, ku guru sajarah sok diterangkeun yen Nagara Indonesia teh geus merdika atawa bebas ti bangsa nu kumawasa dina taun ‘45. Dina taun eta, Soekarno dipaksa ku para pamuda dibawa ka Jakarta ti Rengasdengklok Karawang. Dibawa ka Jakartana teh pikeun ngembarkeun ka sakuliah dunya yen Bangsa Indonesia geus bebas tina kakawasaan deungeun nyaeta Bangsa Walanda.

Keur uleng ngalamun, “naha hirup urang teh geus bebas?” pananya eta kareungeuna mani nongtoreng dina ceuli. Asa pamohalan nu nanya teu apal kana silsilah atawa catetan sajarah Nagara Indonesia. Manehanana teh lain jalma jore-jore, di kantorna mah miboga kalungguhan jabatan Eselon IV. Kangaranan Eselon IV tangtuna oge sakolana lain tamatan sakola dasar atawa ngan tepi ka bangku SMA. Sigana mah rada onjoy ti batur, dina panto hareup ngajeblag papan leutik dimomones make ngaran katut gelarna, dokterandus jeung magister manajemen.

Nu nulis beuki uleng mikir, sok bisi pananya eta hayang “ngetes” wungkul, pedah kasebutna wartawan. Kangaranan wartawan di lembur mah dianggap miboga wawasan anu lega ambahannana jeung sagala nyaho dina rupa-rupa kajadian. Pipikiran asa dibalikeun deui keur jaman kuliah di Jakarta, harita Semester I pernah narima mata kuliah Kewiraan. Mata kuliah eta pernah nerangkeun, yen sacara hukum Nagara Indonesia ngarupakeun hiji nagara berdaulat atawa berdiri sendiri anu miboga anleh pikeun ngatur rumah tanggana sorangan.

Kusabab nagara berdaulat, nagara sejen teu bisa ngaituh-etah kana urusanan katatanagaraannana. Idiologi, dasar nagara, boh undang-undangna kumaha cek rahayatna. Teu bisa nagara sejen maksakeun sistim tatanagarana kudu di pake ku Nagara Indonesia. Anu matak, harita Badan Panitia Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI) satuluyna diganti jadi Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI) siga Muh. Yamin, Hatta jeung nu liana satekah polah ngarumuskeun dasar nagara katut undang-undangna, nya antukna ngawujudkeun Pancasila jeung Undang-undang Dasar 1945.

Lamun pamanggih eta anu dicaritakeun, lain ngandung harti mapagahan ngojay ka meri? Pananya eta, naha miboga harti saujratna atawa ngan saukur kiasan? Asa hese ngajawabna teh, bisi kieu salah kitu salah, ari boga rasa era mah aya, kusabab maranehanana geus nganggap Galura mibanda pangaweruh. Lain masalah gengsi ieu mah tapi stempel anu matak heurin ucap jeung lengkah. Asa beuki rus-ras pipikiran teh, kalangkang anu geus kasidem kuwaktu narembongan deui siga seluloid film.

Mangsa taun 90-an, keur jaman tiis-tiis jahe masarakat kasenian keur papuket merjuangkeun nasibna hayang leupas ku beungbeurat tina kawijakan pamarentah anu nerapkeun sistim “berangus” atawa “bredel.” Contona bae, Teater Koma, milikna Nano Riantiarno, harita keur magelarkeun Opera Ikan Asin di Taman Ismail Marjuki, dicekal ku pamarentah teu meunang dipagelarkeun. Pencekalan siga kitu, pikeun para seniman kahot kayaning WS. Rendra, Putu Wijaya, Arifin C. Noer, Kristine Hakim, Farida Faisol jeung seniman ngora diantarana Budi S. Otong ti Teater Sae, Dindon WS Teater Kubur, Afrijal Malna penyair ngahudangkeun katugenah lain pohara.

Kumaha henteu arek disebut ditalikung ku pamarentah jaman harita, kabebasan ngaekspresikeun kahayang dina wanda kasenian bae henteu diwenangkeun. Guligahna para seniman harita sigana teh karasana dunya teh beuki cedem halenghem bae. Kuhese-hesena ngalengkah, antukna para seniman ngayakeun unjuk rasa ka DPR RI, jeung ka Kantor Menteri Pangkopkamtib anu harita dicepeng ku Sudomo.

Kaayaan kitu teh lain ngan ukur kena ka para seniman bae, sigana mah pikeun saha bae anu miboga gagasan “nakal” boh sipatna ngiritik atawa ngaluarkeun basa anu teu matak pikangeunaheun. Buktina, tabloid Detik, bogana Eros Jarot, majalah Tempo, surat kabar Sinar Pagi kungsi dibredel pedah tulisan-tulisanna matak ngahareudangkeun pupuhu nagara. Pon kitu deui buku-buku ilmiah atawa fiksi siga novelna Pramudia Ananta Toer, Filsapat Ilmu Kritis karyana Magnis Suseno teu beunang didagangkeun di toko-toko. Leuwih ti eta buku-buku putih anu sumebar di kalangan mahasiswa oge jadi inceran para abdi nagara.

Para aktifis mahasiswa anu merjuangkeun supaya judi kupon sumbangan dana sosial berhadiah (SDSB) ditutup oge teu bisa walakaya. Mahasiswa anu unjuk rasa ka DPR-RI katut di jalan-jalan protokol Jakarta siga jalan Sudirman, MH. Tamrin, Merdeka Barat rata-rata hirupna teu tenang asa diudag-udag bae. Buktina satutasna pamarentah ngabulkeun kahayang mahasiswa nutup SDSB, teu kungsi lila Nuku Sulaeman jeung saparakanca ti Yayasan Pijar ditarewak, jalmana digebruskeun ka pangberokan.

Hal anu sarua kaalaman ku Sri Bintang Pamungkas, inyana ngadeklarasikeun Partai Uni Demokrasi Indonesia (PUDI) di lapangan silang Monas, maksudna hiji simbol perlawanan kana kamapananan kakawasaan pamarentah harita. Pon kitu deui nasib anu kaalaman ku Budiman Sujatmiko, salah saurang aktifis buruh. Inyana merjuangkeun nasib buruh di sakuliah Indonesia pedah kahirupanana teu menyat tina kamiskinan, kudu nandangan diasupkeun ka hotel prodeo.

Leuwih pingenesen deui nasibna Marsinah, salah saurang buruh anu katimu tinggal layona bae dina hiji gogombangan. Inyana di lingkungan para buruh geus kajojo salah sahiji tokoh buruh nu merjuangkeun nasib kaumna. Aya mendingna pikeun Marsinah mah, layona bisa katimu. Sedengkeun Wiji Tukul, salah saurang aktifis buruh oge penyair. Kumpulan puisina dipikaresep ku balarea tur dihargaan, kusabab eusi sajak-sajakna lolobana nyaritakeun jalma katindes. Wiji Tukul tepi ka ayeuna teu jelas raratanana.

Angin peuting nebak daun awi sisi lembur, sorana patingkorosak matak ketir. Anu galuntreng di garduh beuki ragot. Teu karasa waktu nyerelek, sedengkeun pananya eta tacan kajawab keneh. Galura humandeuar lamun pananya eta loyog kadinya, aya benerna oge urang teh tacan bebas. Tapi lamun diteuleuman lebih anteb deui asa tacan cocog jeung lelembutan. Kusabab kajadian anu ditataan ti luhur lain masalah merdika atawa henteu, tapi leuwih condong kana sistim anu dipake kunu keur ngawasa.

Cek Sokrates oge, lamun nagara hayang kuat, rahayatna kudu barodo, kitu deui sabalikna lamun nagara hayang ancur burak-rakan rahayatna kudu palalinter. Pamanggih eta sarua jeung Auw Ning filsup urang Cina, yen rahayat kudu tunduk jeung taat ka nagara, lain nagara anu tumut kana sagala pamenta rahayatna. Sigana mah keur jaman harita anu ngawasa nyekel kana patokan Sokrates atawa Auw Ning.

Dua pamanggih eta, bisa ditarima ku sakabeh rahayat lamun nagara boga pamadegan siga tembok Cina, wedel tur tohaga hayang ngajalankeun idiologi nagarana. Pamustunganana sakabeh rahayat kudu ngagem idiologi anu cek pamarentah atawa anu keur ngawasa alus. Contona, Uni Soviet atawa Eropah Timur pan saidiologi nyaeta sosialis, pan Indonesia oge keur jaman orde baru mah kudu seragem nyoko kana Pancasila jeung UUD’45.

Sedengkeun Amerika jeung balad-baladna mah ngagem idiologi liberal, nyaeta hiji anutan anu sagala bebas pikeun nangtukeun kahayang rahayatna, euweuh larangan kudu kieu jeung kudu kitu. Kuayanan idiologi siga kitu, sigana teh mimiti nyedek ka Indonesia. Ku kuatna idiologi liberal nembragan, antukna ngawujudkeun reformasi. Cek sakaol mah reformasi teh, ngarupakeun kamerdikaan anyar pikeun rahayat Indonesia. Ayeuna mah sagala diwenangkeun.

Ku sagala diwenangkeun kitu, contona bae unjuk kakuatan massa atau demonstrasi teu dilarang samalah aya undang-undangna. Berserikat, berkumpul jeung ngaluarkeun pendapat anu natrat dina UUD ’ 45 teu digebahan ku Kantor Sosial Politik (Sospol). Organisasi non pamarentah (Ornop) anu taun 80-an dilarang teu meunang tumuwuh, dina ayana oge meunang ngadalian pamarentah, ayeuna mah siga suung mangsa hujan jul-jel dimana-mana. Cek pamarentah mah anu kaasup Ornop tepi ka ngarewu, eta nu kacatet di Departemen Dalam Negeri (Depdagri) tacan anu di daerah-daerah.

Ilangna rupa-rupa larangan pikeun masarakat mah matak resep, antukna sagala diomong, boh dina surat kabar, radio atawa televisi. Ayeuna mah jalma teh teu sieun pikeun cumarita naon bae, ti mimiti sual ekonomi, pulitik, sosial jeung budaya. Rek nyacampah, ngalus-ngalus, ngritik jeung rea-rea deui. Satutasna pamarentah ngawenangkeun naon bae, naha hidup urang masih bebas?

Lamun urang geus bebas, naha bebas ku kamiskinan kualatan harga-harga nararaek? Naha urang geus bebas bisa nangtukeun kabudayaan atawa identitas sorangan teu kecepretan budaya deungeun? Geuning hirup urang teh ngagumantungkeun keneh ka nagara sejen, tingali bae merek dagangan kabeh asalna ti luar negeri, pon kitu deui kasenian. Urang leuwih hapal kana operasi, musik klasik, film jeung legenda-legendana tinimbang lagu daerah, katut legenda daerah?***

h1

Nu Sumegruk Bulan Puasa

Oktober 14, 2007

Bulan peupeureudeuyan kacolok ku regang nu ngalegenceng ka langit kulawu. Mega hideung pating surungkuy nyabokan beungeut bulan, sakapeung ngajebian, sakapeung deui iirihilan pinuh panglelewe. Beungeut bulan beuki alum, cahayana ngulapes dina tungtung congo awi.

Sora sumegruk hawar-hawar norobos kana jandela, entreup kana tembok, lomari, ranjang, lampu jeung tumpukan pakaean. Patetep silih sedekeun, silih herengan jeung silih siku hayang meunang tempat tumaninah. Sora sumegruk siga koor, beuki lila beuki reang, mingkin narikan, mungguh saheng diunggal juru. Sorana patembalan dina wirahma nu sarua.

Beuki lila-beuki lila, sora sumegruk jul-jol ti kamer, buruan, taman, lapangan, kebon, unggal suhunan, mapay ti kampung ka kampung, desa ka desa, kacamatan ka kacamatan awor jadi hiji. Sakuliah kota gegek ku nu sumegruk.  

Kota nu tadina simpe ngajampana dina mumunggang peuting, nyaliksik cahaya bulan nu mingkin reup-reupan. Dumadakan saheng ku nu sumegruk, sorana mingkin ngelak ngabarubahkeun gaang, cihcir, toke nu keur nundutan di pongpok langit.  

Kuring ngarenjag tuluy luluncatan dina luhur sora nu pabeulit silih kait, ber ka kulon, wetan, kidul jeung kaler neang sora nu pangheula sumegruk. Kuring mulak-malik sora nu bedas tapi kabeh oge sarua. Kota geus jadi lautan sora, gedong kantor kuwu, camat tepi ka wali kota geus teu katingali deui rupa wangunan. Komo imah mah kaleled jadi carangka sora. Kuring ngahuleng ningali lembur pasolengkrah teu puguh rupa.

Hate ngadadak tagiwur, boa-boa dunya teh geus kiamat taya deui sora iwal nu sumegruk, sorana mingkin pajurawet teu puguh dedengean. Anehna deui sumegrukna teu ngaluarkan cai mata. Kajeun ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat, tetep teu ka luar cai mata sakeclak-keclak acan.

Kuring ngegel biwir, nyed, karasa nyeri. Ieu lain ngimpi, lain aya di tengah-tengah padang mashar. Ieu mah masih keneh di alam dunya. Katingali keneh si Trise, Tufik, Ai, Nunung, Andini, Indri, Dadang, pon kitu deui tatangga nu lianna. Ras inget ka anak pamajikan naha sarua keur sumegruk? Kuring luncat deui muru imah, kasampak di tengah imah rea nu keur sumegruk.

Ter hate teh ngageter, “naha aya naon?” cek hate liwung. Kuring teh waras henteu, naha nu lian keur sumegruk ari kuring bet henteu? Keur nyengcerikan saha atuh? Kuring meuweuh liwung. Nanya kanu keur sumegruk teu diwaro samalah mingkin tarik sorana. Pon kitu deui nanya ka nu lianna jawabanana sarua bae.

***

Kuring tanggah rek nanya ka nini anteh nu ti tatadi alum bae, katingali inyana ge sarua keur ngalimba bari ngusapan ucingna. Asa teu werat nanya kusabab bakal dijawab ku sumegruk. Rasa panasaran dina jero dada gugudibegan, hayang geura meunang jawaban nu tangtu.

Teu nolih kacape, gajleng-gajleng kuring ngaluncatan pucuk-pucuk tatangkalan, sakapeung nece kana tihang listrik jeung suhunan imah. Sedengkeun nu sumegruk terus-terusan nambahan jumlahna jeung deui asa beuki ngadeukeutan. Beuki tarik kuring ngaluncatna, sora nu sumegruk mingkin tarik asa nompo kana ceuli. Barang direret ka handap, kuring molohok. Nu sumegruk ngantay ngabandaleut siga siraru moro caangna lampu.

Kakaget kuring teu lengit, atra sajajalanan parat ka langit tepi nutupan cahaya bulan. Langit mingkin meredong hidung.  Suku oge hese ngalengkah teu siga keur mimiti gampang pisan luncatna. Ku hayang gancang meunang jawaban teu nolih sora nu kadupak, katajong, katabrak jeung kainjek. Da barang kareret nu kadupag pating galubrak, nu katajong nyengir nahan kanyeri, nu katabrak kusah-koseh teu walakaya.

Samalah aya nu ngabetot suku, narik leungeun, aya oge nu ujug-ujug nangkep, ngajenggut, nyiduhan, nampiling mah teu kaitung. Suku teh teu kaur laju, lamun teu buru-buru nyingkahan nu hayang narik. Leungeun jeung suku beuki pakupis teterejelan hayang leupas. Teu karasa tarang bancunur tidagor kana tihang listrik, kulit rangsak dikerewes, jeung digegel.

Kuring hayang nayakeun ka kuwu, camat atawa ka wali kota kunaon rea nu sumegruk jeung naon sababna? Moal enya gegeden nu ngaheuyeuk dayeuh molah nagara teu apal kana kajadian. Dina teu apalna oge kuring baris tetelepek ka sing saha bae ka nu nyaho. Asa lila rek tepi ka kantor bale desa teh, tanaga ampir-ampiran leuseuh bakating ku cape. Luncat oge asa teu daek ngapung, unggal rek ngawahan awak teh parahi metot.

Kuring teu eleh geleng, kabel listrik pating arenod katindihan sora nu sumegruk teh ditarik tuluy dijieun kareta gantung. Gulusur, kuring nyeot dina kabel teu paduli sora nu sumegruk kalindih atawa pating juralit katubruk. Barang srog ka kantor kapala desa, nu sumegruk teh keur ngagugulung kuwu. Siga lentah reuteum sawak-awak. Koceak dengekna kuwu teu dipalire, bajuna, calanana, buukna nu lucir ku minyak rambut awut-awutan disasaak. Kulitna daradas ngaluarkeun getih.

Kuring luncat tina kabel listrik muru kuwu nu keur digulang gaper, sabisa-bisa sora nu sumegruk teh teu reuteum teuing.

“Wu, cing bejaan kula aya naon ieu teh?” tanya kuring bari metotan sora tina awak kuwu.

Dia mah sakalah tatanya, lain gancang kula leupaskeun tina seuseupan sora nu sumegruk. Kula geus teu kuat!” jawab kuwu pegat-pegat.

“Heueuh apan ieu oge eukeur. Gancang bejaan ambeh gampang nulungannana,”

“Wad…uh, aduuh……”

“Wu … geura pok, wu! Waktu geus samporet!”

“Aduuuuhuuuu…..”

“Heueuh, sakalah babaung atuh!” cek kuring rada nyeuneu.

Kuwu lain gancang mere jawaban sakalah humaregung, tuluy kokosadan dina taneuh, awakna ampir karuruban ku sora nu sumegruk. Salian ti metotan teh suku oge dipake najongan, jeung ngegelan. Awak kuring milu gerelengan luhureun awak kuwu sabab hayang sagancangna ngabebaskeun inyana tina sora nu napuk siga lentah. Tungtungna tanaga kuring beak, geus teu kuat sedengkeun sora nu ngabulen awak kuwu teu bisa dipiceunanan. Kuring ngajoprak teu walakaya, ilang kasadaran.

***

Cahaya beureum neumbrag kana tarang, karasa nyeri jeung matak reuwas. Panon keukeureuceuman, peurih asa kaasupan keusik. Sora nu menta tulung hawar-hawar nyulusup kana liang ceuli, ngendagkeun jajantung. Barang bray biwir mata dibentakeun, sakuriling bungking pinuh ku cayaha beureum matak serab. Breh katingali awak kuwu gugulawingan, leungeunna dirangket, ditalian ku cahaya warna hideung digantung dina bilik cahaya beureum.

Handapeun kuwu, pinuh ku rupa-rupa mahluk matak pikasieuneun, aya nu huluna sagede telebug, panonna ngajiripit siga celak. Aya nu huntuna ranggeteng, sagede-gede hihid. Teu saeutik nu panonna sagede bal sepak, leungeunna leutik uulawiran siga karembong. Pon kitu deui nu pecekrek leutik jeung nu jangkung gede mah teu kaitung.

“Aya di nagara mana ieu teh?” gerentes hate kuring helok. Tacan oge garing gerentes teh, ujug-ujug aya nu ngajawab.

“Ieu di nagara Bangsa Jurig. Dia mah balad kula, cicing bae ulah loba nyarita!” cek hiji sora handaruan.

Kuring ngalieuk ka lebah sora datang. Barang breh, kuring reuwas liwat saking. Suku nyorodcod, leungeun ngeleper sedengkeung jajantung keketegen mani kerep jeung karasana tarik, matak ngenderkeun tulang iga. Katingali, hiji mahluk keur ngabedega bari mulak cangkeng. Awakna jangkung badag, huluna sagede leuit, leungeun jeung sukuna leuwih gede batan tangkal kalapa. Awakna pinuh ku bulu, katingalina hareuras siga tacan pernah manggihan sabun mandi. Sedengkeun rupa beungeutna hese dicaritakeunnana ku pikagialeunnana.

“Naon maksudna ieu teh?” tanya kuring ngeleper.

“Di suruh cicing teh bet tatanya bae, dia mah?” tembalna semu keuheuleun.

 Jep, kuring teu wani nanya deui. Di hareupeun beungeut, Bangsa Jurig pating garetot leumpang, ti dituna ngigel sigana teh, da dina rigigna siga kitu. Ngan ieu mah lain matak resep nu ningali tapi pikasieuneun. Sabagian deui aya nu cacaleuhakan barang dahar bari ditompokeun ka kuwu. Pon kitu nu mamawa cai jeung sabangsaning kadaharan, meureun anggapan maranehannana matak pikabitaeun. Padahal boro-boro kabita, nu aya mah matak murel beuteung.

“Heh manusa, dia ngeunah bae teu mere nyatu ka kula!” cek salah sahiji mahluk sesentak. “Kula teh lapar, geuning dia sakalah ngajalankeun puasa?” pokna bari tetenjrak ka na umpalan cahaya.

“Di alam manusa geus loba nu jadi babaturan kula! Rea nu teu paruasa, jeung pasea alatan hayang meunang duit sacara gampang ti pamarentah kucara ngabohong, maksa jeung mergasa. Naha geuning dia teu ngajalankeun parentah kula?” pokna deui, sorana beuki handaruan.

Nu lianna oge milu nyarita. “Cek kula, dia kudu nyieun bon kosong, laporan bohong, jeung cumarita teu luyu jeung bab agama. Naha dia teu mirosea kana kahayang kula saparakanca?”

“Aduh……. duhhhhh….” tembal kuwu humaregung.

“Tina kalakuan dia, lancek, adi, uwa, bibi, mamang, sakabeh dulur kula, kaasup tatangga, sobat jeung nu liana cerik ngabangingik, alatan gagal mangaruhan dia sangkan teu milampah pagawean hade!” cek nu huluna sagede telebug.

“Aduh……..duhhh…..” tembal kuwu deui.

Sigana mah nu ngaromong, jeung nu ngancam teu ngabalukarkeun kuwu cumarita nu bentes. Sabab unggul ditanya jeung dicabok angger jawabannana ku humaregung. Sigana mah bakating ku keuheul, teu meunang jawab bae, para mahluk teh tuluy-tuluyan tetenjrag, dibarung hohoak tepi cahaya teh karasana eundeur.

Kuring tepi ka nutupan ceuli jeung meureumkeun panon bakating ku inggis, cahaya rugrug. Ujug-ujug simpe, sora nu tetenjrag jeung hohoak teh eureun. Kuring ngarasa ngemplong, tuluy biwir panon diengabkeun, barang bray. Hate teh ujug-ujug ratug tutunggulan kusabab sakabeh mahluk keur mencrong ka kuring. Getih karasana ting sariak dina urat nadi.

“Heh manusa balad kula nu pang satia-satiana. Tara ngalokanan puasa, tukang bohong, pagaweannana mitenah jeung purah nganyerikeun hate batur. Unggal poe ngagogoreng jalma. Kadieu, cing pang nanyakeun ka kuwu sangkan sakabeh pangeusi nagara Bangsa Jurig teu sumegruk bae. Naon alesan kuwu milampah pagawean hade?” cek salah sahiji mahluk bari molotot.

Kuring ngan bisa ngahuleng, jawaban nu diteangan geus kajawab. “Ana kitu mah kuring teh kaasup bangsa jurig?” gerentes hate.

Sakeclak cai ibun, nyengcle dina tungtung irung, karasana tiis camewek. Tuluy istigfar sababaraha kali. Kajen meunang panyiksa nu rohaka, kuring bakal tigin kana qalbu sabab qalbu mah tacan pernah linyok jeung bohong.***

Puri Sunyi 2007

h1

IDUL FITRI

Oktober 12, 2007

idul-fitri-copy.jpg