Archive for September 26th, 2007

h1

Talaga Reumis

September 26, 2007

sair.jpg

=============================================

Nu ngarasakeun reueus ku ayana Talaga Reumis lain bae Pemkab Kuningan atawa Pemkab Cirebon. Pedah tempatna tapel wates, ngarana kabawa kamashur. Kitu deui Kantor Pemangkuan Hutan (KPH) Perhutani Jawa Barat bisa aya pamasukan rada onjoy tina objek wisata nu dikokolakeunana. Samemehna mah Talaga Reumis teh kaereh ka KPH Perhutani Kuningan

Tapi ti saprak Gunung Cireme dijadikeun taman nasional ku Departemen Kehutanan RI. Talaga Reumis jadi asetna Badan Konservasi Sumbr Daya Alam (BKSDA) II Jawa Barat. Ngan saheulaanan masih dikokolakeun ku KPH Perhutani Jawa Barat. “Sigana mah mimiti taun payun (2008-red) nu ngokolakeun Talaga Reumis teh sanes deui Perhutani, tapi BKSDA,” ceuk Asna.

Salain tilu institusi eta, masarakat disabudeureunana oge ngarasakeun yasana. Boh ku cara ngadegkeun rumah makan nu dipikalandep lantaran beuleum lauk emasna. Hiji ciri has deungeun sangu nu aya di eta lelewek. Pon kitu deui warung-warung laleutik liana nu ngajual rupa-rupa inuman kaleng atawa kadaharan kawas beuleum jagong, ulen beuleum jeung bajigur (bandrek-Priangan).

Salian aya nu ngais rejeki sacara formal (dagang). Aya oge nu teu formal diantarana bae tukang ngalintar jeung ngusep. Ngalintar jeung ngusepna unggal poena di talaga bae, tara di tempat sejen. Beubeunangana oge rada mucekil, sok aya nu menang 5-15 kg dina sapoe. Laukna macem-macem, aya jaer, nila, emas jeung nilem. Jaba laukna baradag, ti nu sagede ramo nepi ka sagede orok oge aya.

“Di talaga teh tara aya nu melak lauk, tapi laukna loba bae. Jaba unggal poe nu ngalintar jeung ngusep. Duka eta oge nu ngamimitian ngusep teh saha. Kebehdieunakeun beuki rea. Dina sapoe aya genep nepi ka dua welas jalmana. Tapi kajeun diaalan, lauk teh tara ngurangan. Ngan lamun dina sapoe lauk nu kaala rea, dua atawa tilu poe mah tiiseun. Tapi liwat tina waktu eta, loba deui,” ceuk Asna.

Eta hal dienyakeun ku Sair, inyana teu boga pacabakan sejen iwal ngala lauk di Talaga Reumis ku cara dibandring atawa dikatepel. Tina purah ngabandring lauk, dirina bisa nganapkahan anak pamajikan. Tina sapoe mun dirata-ratakeun, beubeunanganana aya kana sapuluh kilona. Lauk jumlah sakitu teh dijual ka rumah makan nu aya di Talaga Reumis.

Cara ngala laukna, memang rada mahiwal jeung nu sejena. Puhu kenur ditalikeun kana paku. Panjangna gumantung kabutuhanana, rek sabaraha meter bae. Ngabandring laukna tara nu aya di tengah talaga tapi di sisi. Paku teh dipasang dina katepel tuluy dilempagkeun. Anehna, lauk teh beunang bae ka bandring, kawasna geus asak latihan. Arang langka nyalahan.

Cara samodel kitu, sigana ka-ide-an ku masarakat pedalaman di Papua, Sulawesi atawa Kalimantan. Ngan tukang ngala lauk di daerah eta mah ngagunakeun tumbak. Caranya oge aya nu bari nyilem atawa dina parahu. Tapi Sair mah, ukur ngurilingan talaga. Henteu ngahaja naek parahu. Pagawean ngabandring lauk mah kudu awas mata, teu cileureun.

“Talaga Reumis, pikeun diri kuring mah aya barokahna. Nya ti ieu talaga sasatna kuring boga panghasilan. Kajeun disebutkeun leutik tapi mayeng unggal poena. Keur minuhan pangabutuh sapopoena mah cukup bae, teu perelu hutang injem. Hanas, dina ngabulasina sakilo-kiloeun mah meunang sapoena teh. Sakilo teh teu loba ngan ukur dua atawa tilu siki, da laukna bararadag,” ceuk Sair.

Saumpamana diitung panghasilan Sair rada mucekil. Kiwari harga lauk Rp. 23.000/kg., harga sakitu teh kaitung murah lantaran lain harga pasar. Dina sapoe, inyana nyakuan duit kurang leuwih 230.000 perak. Dina ngabulasina 23.000 perak mah bisa kabawa ka imah. Nu matak, inyana embungeun gawe di pabrik atawa macul di sawah. Ngan cenah, kudu kuat mental sabab masarakat nyarebutna taya gadag.

Sair purah ngabandring lauk geus rada lila, ti umur 17-an. Kusabab rek sakola kolotna teu boga beayana. Antukna purah ulin di talaga. Tina pirajeunan jadi pagawean matuh. Samemehna mah tara dibandring, tapi diusep. Lantaran ngusep mah rada kesel, lila beubeunanganana. Nyobaan dibandring, tur hasilna leuwih nyugemakeun. Nya ti harita nepi ka ayeuna pagawean eta dipilampah.

Inyana boga ijiran waktu, ngabandringna tara ti isuk-isuk nepi ka burit. Tapi wanci lohor nepi ka pasosore. Sabab dirina boga palanggeran, yen lauk nyiar hakaneun tara isuk tapi pabeubeurang. Komo ti peuting mah tara pisan. Lantaran geus apal dawuhna, Sair tara padu mangkat bae. Ijiran eta, lain meunang ngitung, tapi dumasar pangalaman salila ieu. Beda jeung tukang ngusep.

Sair oge boga kayakinan, yen lauk di Talaga Reumis moal tumpur nepi ka iraha bae. Kajeun teu dipelakan ku saha-saha oge. Ngan kayakinan eta, kudu dibarengan ku niat jeung dina prak-prakanana keur ngarumat talaga. Jeung deui kudu inget ka purwadaksina, nu nyieun talaga teh Prabu Siliwangi. Ku cara ngamumule titinggalna bari jeung teu ngaruksak oge eta teh sarua jeung sukuran.

“Talaga Reumis bisa disebutkeun talaga kahirupan. Da nu milu hirup teh lain ngan kuring bae. Nu sejen oge milu harirup,” tandesna.***

Iklan